Kamis, 17 Agustus 2017

BAJIGUR



BAJIGUR

Yasa : Didih Setiadi

Tring, tring, tring, sora gelas di takolan ku sendok.
Unggal peuting Mang Komar ngurilingan lembur bari ngadodorong roda bajigur, dibaturan ku budak nu bungsuna Si Engkus, “Bajigur Mang !”Reg, Mang Komar eureun ngadorong rodana.
“Sabaraha gelas Neng ?”Ceuk Mang Komar nanya kanu ngageroan tadi,”Dua gelas we Mang, Kulub suukna we dua bungkus “Ceuk eta wanoja nu tadi ngeureunkeun Mang Komar.

Saeunggeus bérés ngaladangan bari narima duit tinu meuli, Mang Komar indit deui ngadorong rodana bari teu eureun nakolan gelas ciri hasna.
“Bajigur Mang !”Kadéngé sora awéwé ngageroan, saba’da nepi ka tempat nu rada tiiseun, Reg, Mang Komar eureun deui, ngadagoan nu rek balanja, “Mana nu rék meuli bajigur téh, Kus ?”Ceuk Mang Komar nanya ka anakna, saeunggeus sababaraha menit euweuh nu datang, “Dadanguan panginten Pa, da Engkusmah teu ngadangu “Jawab Si Engkus, bari culang-cileung nempoan sakurilingna, “Heueuh meureun “Ceuk Mang Komar bari gap kana roda rék didorong deui.

“Naha Kus roda téh meni pageuh kieu siga aya nu ngaganjel ?“Ceuk Mang Komar bari dongko nempoan gilinding rodana “Duka atuh Pa “ceuk Si Engkus bari pipilueun nempoan kolong roda, weléh euweuh nanaon.

Roda anger digugunyenggé teu daékeun maju, “Matuh ari geus kieu téh “Ceuk Mang Komar ngagerendeng, gap kana kap hiji laju dieusian bajigur, gap kana seupan cau hiji, koloyong manéhna ka sisi jalan muru témbok got susukan, “Tah hayang bajigurmah, tong ngaganggu nu keur usaha “Pokna bari neundeun bajigur jeung seupan cau dina luhureun got, Si Engkus molohok, teu ngartieun kana lalampahan Bapana.

“Hayu Kus, hampang geura ayeuna mah “Ceuk Mang Komar bari gap kana roda laju didorong dibantuan ku Si Engkus anakna.

-TAMAT-

#SCS_CARMIS_DS

NU NGILU BALIK



NU NGILU BALIK

Yasa : Didih Setiadi

Dius mobil ninggalkeun pakarangan, rada gura-giru da puguh wanci sareureuh budak, di jalan raya teu pati loba kandaraan, ukur hiji-hijieun nu papaliwat, ngahaja nyetél musik di gedéan itung-itung maturan, lamun teu kapaksa ku kapereluan nu penting mah moal ieuh kudu daék lumampah peuting-peuting komo euweuh nu marengan.

Pepedut mimiti turun, basa bras ka jalan nu kenca katuhu kebon entéh, laju mobil dikendoran bari haté rada hariwang, inget ka waktu sababaraha taun ka tukang basa waktu keur mawa motor, nya di dieu pisan aya nu megat tuluy ngarampas motor bari awak teu bisa usik diborogod kana patok jalan.

Keur anteng ngalamun rus-ras mangsa ka tukang, remeng-remeng aya nu ngajanteng tengah jalan, beuki dukeut beuki sidik manéhna ngacungkeun leungeuna ménta supaya eureun.

Reg, mobil eureun, gap kana konci roda,taki-taki bisi manéhna rék niat jahat.
Teu buburu turun ngahaja nyidik-nyidik heula, “Tulungan Kang, Tulungan, “ Kadéngé manéhna ngomong ménta tulung bari ngetrokan kaca panto mobil.
Ngawani-wani manéh panto dibuka laju turun tina mobil saba’da ningali tukangeun manéhna aya motor ngagolér bari angger leungeun mah teu lesot ngagigiwing konci roda.

“Kunaon Néng, ?” Kuring tumanya.
“Punten Kang tulungan, Abdi geubis tina motor, “ Jawab manéhna bari nunjuk kana motor satukangeunana.
Haté angger can percaya sok sieun ukur dadaku wungkul.
“Naha Kang culang-cileung, Abdi mah sanés rampog, “ Pokna siga nu surti kana kahariwang Kuring.
Koloyong ngadeukeutan motor nu ngagolér laju dicengkatkeun, “ Ari ieu Néng badé dikamanakeun motorna, da moal tiasa dicandak sakitu reksak kieu gening,?” Bari ngulak-ngilik kaayaan motor.
“Duka atuh Kang, ?” Jawabna semu bingung.
“Kieu wé atuh Néng, motor urang lebetkeun ka kebon entéh, enjing candak, !” Méré jalan kanu keur bingung.
“Nya teulangkung Akang étamah, “ Pokna masrahkeun.
“Ari Enéng uihna kamana,?” Kuring tumanya deui.
“Ka Bandung Kang, jalan Sukajadi, “ Pokna deui.
“Oh, enya atuh kaleresan Akang ngalangkung ka dinya, hayu wé ngiring ka Akang, !” Kuring ngajak kanu keur bingung.

Dina mobil manéhna teu loba nyarita ukur saperluna, malahan mah teu sempet nanyakeun ngaran-ngarana acan.

“Di payun Kang, !” Manéhna nitah eureun saeunggeus nepi ka jalan Sukajadi.
“Nuhun Kang, “ Manéhna nganuhunkeun laju muka panto nu ukur dijawab ku unggeuk.

Ngahaja teu gura-giru indit nyérangkeun heula nu ngaléos asup kana jalan gang.

Nepi kanu di tuju jam opat geus ngagayuh waktu subuh, teu lila saeungeus ngabéjakeun maksud ka nu jadi lanceuk, gura-giru balik deui sieun kaburu macét di jalana.

Reg mobil di eureunkeun, basa ningali loba jalma ngarariung di sisi jalan, di barengan haté nu panasaran nyampeurkeun nu ngariung.

“Aya naon Kang, ?” Nanya kanu keur ngagimbung.
“Ieu Kang aya nu kacilakaan, !” Jawab salah saurang nu keur ngajanteng bari nunjuk kanu keur ngagolér.
Haté beuki panasaran ngadeukeutan nu ngagolér, bréh katempo pangawakan awéwé beungeutna baloboran ku getih, geus teu usik teu malik, raga ditinggalkeun nyawa.
Rét kana baju jékét nu dipakéna, bréh, kajadian tadi peuting némbongan deui, basa aya nu megat bari tuluy ngilu balik.
Haté beuki yakin basa nyidik-nyidik motor nu ngagoler gigireun mayit.

-TAMAT-

#SCS_CARMIS_DS

Rabu, 09 Agustus 2017

ELING



 ELING

Yasa : Didih Setiadi

“Tulus Jang rék kawin téh, béjana téréh cenah ceuk indung manéh mah ?”Aki Nosi nanya ka incuna Jang Somad anu sakeudeung deui téréh ngarumah tangga, bari camuil-camuil kana seupan sampeu laju ngaregot citéh panas dina bekong nu geus kaciri leucir balas dipaké unggal poé.
“Muhun Ki, sasasihan deui, nyuhunkeun pidungana we ti Aki !”Jawab Jang Somad bari gék diuk gigireun akina.
“Tongboro dipénta, teu dipénta oge kolot mah pasti ngadungakeun, mudah-mudahan cing babari  ngala rizki, boga turunan anu soléh, nurut ka indung bapana “Ceuk Aki Nosi rada panjang.
“Ami,,,n “Walon Jang Somad.

“Ngarana ogé rumah tangga, asal kecap tina rumah jeung tangga, imah jeung tarajé mun Basa Sunda mah, hartina téh dina ngawangun rumah tangga téh, kahirupan dimimitian ti dasar heula, sahambal-sahambal naék pikeun ngudag cita-cita duaan pikeun ngahontal kahirupan anu leuwih hadé, ngan satiap perjalanan dina widang kahirupan pasti loba dodoja jeung gogoda, tah didieu kudu kuatna téh “Aki Nosi ngomongna panjang lebar, regot kana sésa citéh nu geus rada tiis.
“Urang kudu tumarima najan urang di béré kasusah ogé, tarimakeun ulah ngurangan ka imanan ka Gusti Alloh, jeung urang ulah adigung mun pareng dibéré kamakmuran, tah ku éta lolobana jalma tara kuat imana, hirup asa aing sagala dirumpak batal jeung haram oge dihalalkeun, kahadé manéh mah ulah kitu, cing tarapti ngajalankeun kahirupan ulah ingkar tina tetekon “Pokna deui nuluykeun caritaanana.

“Kumaha kitu Ki ?”Tanya Jang Somad bari unggut-unggutan, ngabandungan Akina nu keur cumarita.
“Nya henteu kumaha, da éta mah perjalanan kahirupan satiap manusa, di takdirkeunana kudu kitu, jeung moal pati-pati Gusti Alloh nurunkeu cocoba iwal ti keur nambahan ka imanan urang ka MantenNa  “Jawab Aki Nosi.

“Jeung mihapé Aki mah ka manéh, mun urang boga kahayang sing sabar jeung tawekal, harti sabar nyaéta, ngadagoan waktu anu lila, harti tawekal, tekun dina hiji pagawéan, tinangtu bakal hasil nu di maksud “Kitu papagah Aki Nosi Ka Jang Somad, anu masih kénéh nongtoreng nepi ka ayeuna.

“Hayu Pa, urang uih !”Sora budak lalaki ngagareuwahkeun lamunan Jang Somad, nu kiwari geus jadi Bapa ti tilu anakna, anu masih kénéh cinekul nyekelan tutunggul.

-TAMAT-

#SCS_CARPON_DS


PEPELING



PEPELING

Yasa : Didih Setiadi

Sumegruk nyuuh, sumujud pasrah dina amparan sajadah. Rumasa raga lamokot ku dosa, diri pinuh ku sipat hiri, laku mèngpar tina aturan, lampah loba nincak jalan salah. Rob, mung Anjeun anu tiasa ngahampura sagala dosa, ngabersihkeun diri anu pinasti. Sajatina diri, mung Anjeun nu kagungan, saenyana raga aya dina lahaola.
Rumasa diri, tacan cicing dina jatina. Komo hirup hanteu nyanding jeung huripna.
Mangsa jaya, lampah owah sagala dirumpak. Kitu deui dina nanjung, sakur ngaberung napsu. Loba nu nu kuciwa alatan lampah samena-mena, ogè nu ceurik ngabangingik lantaran diri geus antipati.

“Nuhun Nyi, tos janten bojo Akang anu satia “Kuring muka obrolan, basa manéhna nyampeurkeun mawa kopi sagelas jeung lalawuhna,”Kawajiban éta mah Kang,”Pokna laju nyimpen kopi kana méja.

Enya, mun inget kana lampah sababaraha taun katukang, haté rasa kaduhung, kaduhung nganyerikeun haténa, mangsa keur jaya hirup sakarépna, teu éling kana pépéling nu jadi pamajikan, kolot, komo nu jadi lanceukmah pan nepikeun ka ngejatna ti lembur, éra cenah boga dulur ngan hiji-hijina, lampahna ngaberung napsu nu teu make ugeran.

Imah ukur dipaké panganjangan wungkul, teu nolih ka anak jeung pamajikan.
Mulang gawé lain bet balik ka imah, malah balik kanu ngora nu can puguh bener jeung bageurna.

Hiji mangsa poe Juma’ah, mangkat gawé ti imah nu ngora, rada rusuh mawa motor téh sieun kabeurangan.
Di tengah perjalanan karasa motor babangkieungan, kapaksa di kasisikeun heula.
Jrut, turun laju ulak-ilik kana mesin motor, weléh teu kapanggih.
Sabada yakin euweuh nanaon, ngadius deui nuluykeun perjalanan.
Can ge jauh, karasa deui motor ngabangkieung, teu bisa dihalangan deui,” brug “..

Asa dina pangimpian, bray panon dibeuntakeun, ret ka katuhu, breh aya botol eusi cai herang ngagantung, rambay ku selang.
Kulisik, awak usik rék hudang, jedud, karasa suku katuhu nyeri kacida, gap, kana tak-tak aya nu nyabak, “Jangan bangun dulu, Pa, kaki Bapa patah !”Pokna sora awéwé, laju dirérét, bréh suster ngajanteng kéncaeun, rét deui kana suku nu nyeri téa, bréh katembong baloboran ku getih keur pada meresihan ku suster nu séjéna.

Teu kungsi lila, kurunyung aya nu datang, segruk manéhna ceurik siga nu kanyenyerian.
“Hampura Nyi, Akang, Akang geus ngahianat jangji, Akang geus ingkar tina tetekon hirup !”Bari teu ka ampeuh ci mata ngalembéréh kana pipi marengan manéhna nu masih sumegruk.
“Wios Kang, nu atos mah teu kedah di carioskeun deui, Nyai  oge tos terang, malah mah Nyai nu kudu dihapunten mah, bilih kirang nyugemakeun Akang !”Pokna bari nyuuh dina dada.

“Nuhun Gusti, Anjeun tos maparinan bojo anu soléh, Nuhun Gusti, anjeun tos maparinan panjang umur, Insya Alloh diéstokeun pépéling ti Anjeun “.

-TAMAT-

#SCS_CARPON_DS

NU HAYANG BALIK DEUI



NU HAYANG BALIK DEUI 
Yasa : Didih Setiadi

‘’Kumaha, Kang ?"
“Hampura Nyi, Akang moal bisa,” walon Kuring lalaunan. Gabrug Manéhna nyuuh kana lahunan, dibarengan ku keclakna cipanon, teu ieuh dipaliré malahan mah buru-buru dicengkatkeun tina lahunan. Asa teu rido awak kudu ka baseuhan ku cimata buhaya.

Heueuh , Manéhna ngajak ngahiji deui pajarkeun téh nyaah ka budak, hayang ngurus budak cenah.
Ah étamah alesan kelasik, da bongan polah manéhna, ari tiheula kamana atuh, naha karék ayeuna nyebut nyaah ka budak.

Karasa haté asa gudawang , basa manéhna pamit rék mulang, mangsa diri numpra teu walakaya, geus teu kuat cenah, kudu usaha sorangan nyumponan pangabutuh, malahan budak ogé dipasrahkeun ka Ninina, Indung nu tinggal sabeulah sasemplék deui, kudu ngurus rumawat nu jadi incu, nu harita keur mejeuhna butuh kanyaah nu jadi indung.

Rumasa ampir sataun lilana, teu bisa nyumponan kawajiban, tapi apan rumah tangga mah kudu silih asah silih asih jeung silih asuh, ulah ukur butuh keur amisna wungkul.
Lain éta wungkul nu matak raheut kana haté téh, aya nu leuwih nyeri nyaéta teu kungsi dua bulan pan manéhna mah langsung boga salaki deui, teu mikiran kuring nu keur numpra , malahan mah ngadéngé béja mah ti batur manéhna kawin jeung duda beunghar cenah, kuring ukur bisa pasrah kanu Kawasa, rét ka budak nu keur meujeuhna kembang buruan, “Deudeuh teuing Néng, hidep kudu ngalaman sangsara, hampura geulis Bapa, Bapa can bisa méré ka bagjaan ka hidep!“  Teu karasa merebeyna cipanon katunggara maseuahan pipi. “Kunaon Pa, nangis?“ malaur budak keur meujeuhna capétang atuh. “Teu kunanaon geulis, yap kadieu!’’ Gabrug budak dirangkul bari diceungceurikan.

Teu beunang dipondah cipanon murubut maseuhan pipi
“Ngeus Jang tong di ceungceurikan, baé nu eunggeusmah da eunggeus, malahan mah Manéh cing buburu cageur karunya ka Si Enéng! “ Indung kuring ngupahan bari ngusapan taktak. “Teungteuingeun ku pamajikan Ma, sugan téh moal kitu,” Walon kuring, “Heueuh keun baé, da pilihan manéh étamah, pan ceuk Ema ge baheula kumaha basa méméh kawin, kudu asak -asak nya ngéjo bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nénjo bisi kaduhung jagana, tah ayeuna kaalaman ku manéh, wayahna tarimakeun! da ngeus nasib manéh, jeung deuih salah mah moal pahili jeung bener" Pokna deui, panjang lébar.

Tilu taun kalarung, diparengkeun meunang gaganti indung budak, bari sanajan ka anak téré tapi kanyaahna katempo pisan, nya kitu Si Enéng teu asa ka Indung téré, da puguh wawuh ti leuleutik. Mangsa ninina mangkat ka kebon téh pan diasuh ku manéhna, nya kitu deui kuring teu asa jeung jiga deui ka manéhna téh, da puguh tatangga sabeulah ukur kahalangan ku saimah, pan waktu kuring keur numpra téh, sakapeung sok maturan bari ngasuh budak, pajarkeun téh ngarah teu kagok nyaah cenah.
Alhamdulilah ayeuna ngeus dipercaya deui boga turunan, lalaki deuih jaba kasep nurun ti bapana.
Ting, tong! “Assalamualaikum, “ kadéngé bél disada dituturkeun ku nu uluk salam, “Wa alaikum salam, “ Kulutrak panto dibuka, “Badé ka saha Kang, ?” Kuring langsung nanya satutas muka panto, “Dupi ieu leres kitu bumina Pa Dédi?” pokna, “Muhun leres, aya naon kitu... ?” Walon kuring ditungtungan ku tumanya." Muhun ieu katitipan serat ti Déwi,” Pokna bari ngasongkeun amplop warna bodas, "ooh, enya atuh, nuhun Kang, ! ’’Saléosna nu nganteurkeun surat, kuring ngahuleng, keretegmah geus aya. "Pasti ti popotongan“ Gerentes kuring," Saha Kang ? “Pamajikan nyampeurkeun, “Ieu aya nu nganteurkeun surat, duka ti saha, “Ceuk kuring bari nyampeurkeun ka pamjikan, “Cing Nyai nempo!" laju ngajéwang surat nu masih diulak-ilik kénéh. Béréwék, amplop di soékeun, goréhél aya sacewir kertas nu dieusi ku tulisan rapih naker. “Kahatur Kang Dedi di bumi, kang ieu Dewi, panuhun akang tong waka bendu, sateuacan maos ieu serat, kang, Dewi sono hoyong tepang, pang-pangnamah sareng Si Enéng, tos ageung meureun ayeunamah, kang...? Déwi miharep tiasa deui sasarengan ngarumahtangga, “Teu laju macana, langsung di ririsek, “Ѐéh, kunaon ari Nyai? tuntaskeun heula atuh macana! Akang jadi gantung déngéeun atuh," Kuring nyéréngéh kagugu kunu timuru, “Pék wé ku Akang! " pokna bari kuraweud, kop kertas nu diririsek téh dicokot laju dibébérkeun deui. “Mugia akang tiasa nyumponan pangulem Déwi, énjing tabuh salapan di antos di rumah makan Saung Panineungan Punclut, sakitu nu kapihatur, salam sono ti katebihan, Dewi Susilawati." Kitu eusina éta surat nu ahirna ngajak papangih, “Ngajak ketemuan ieumah Nyi.“ Ceuk kuring bari ngarérét ka pamajikan nu masih kénéh samutut, sakalian haté hayang ngaheureuyan nu jadi pamajikan. "Mangga wé ku Akang tepangan, malaur tos lami teu tepang atuh!" Bari anger baeud. “Ah moal Nyi, hayu wé jeung Nyai urang tepangan, tenang wé atuh Nyi, cing percaya ka Akang !” Kuring ngayakinkeun , “Hayu ari kitumah atuh, ngan murangkalih urang candak duanana, si Ema ajak sakantenan urang piknik, tapi awas mun Akang kapincut deui,“pokna bari ngadilak, kuring seuri, “Nya hayu lah, meungpeung keur libur gawé."

___TAMAT___

#SCS_CARPON_DS

CARPON ( CARITA PONDOK )

HAMPURA AKANG!

  HAMPURA AKANG! Yasa : Didih Setiadi Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da pug...

PEPELING