ELING
Yasa : Didih Setiadi
“Tulus Jang rék kawin téh, béjana téréh cenah ceuk indung
manéh mah ?”Aki Nosi nanya ka incuna Jang Somad anu sakeudeung deui téréh
ngarumah tangga, bari camuil-camuil kana seupan sampeu laju ngaregot citéh
panas dina bekong nu geus kaciri leucir balas dipaké unggal poé.
“Muhun Ki, sasasihan deui, nyuhunkeun pidungana we ti Aki
!”Jawab Jang Somad bari gék diuk gigireun akina.
“Tongboro dipénta, teu dipénta oge kolot mah pasti
ngadungakeun, mudah-mudahan cing babari
ngala rizki, boga turunan anu soléh, nurut ka indung bapana “Ceuk Aki
Nosi rada panjang.
“Ami,,,n “Walon Jang Somad.
“Ngarana ogé rumah tangga, asal kecap tina rumah jeung
tangga, imah jeung tarajé mun Basa Sunda mah, hartina téh dina ngawangun rumah
tangga téh, kahirupan dimimitian ti dasar heula, sahambal-sahambal naék pikeun
ngudag cita-cita duaan pikeun ngahontal kahirupan anu leuwih hadé, ngan satiap
perjalanan dina widang kahirupan pasti loba dodoja jeung gogoda, tah didieu
kudu kuatna téh “Aki Nosi ngomongna panjang lebar, regot kana sésa citéh nu
geus rada tiis.
“Urang kudu tumarima najan urang di béré kasusah ogé,
tarimakeun ulah ngurangan ka imanan ka Gusti Alloh, jeung urang ulah adigung
mun pareng dibéré kamakmuran, tah ku éta lolobana jalma tara kuat imana, hirup
asa aing sagala dirumpak batal jeung haram oge dihalalkeun, kahadé manéh mah
ulah kitu, cing tarapti ngajalankeun kahirupan ulah ingkar tina tetekon “Pokna
deui nuluykeun caritaanana.
“Kumaha kitu Ki ?”Tanya Jang Somad bari unggut-unggutan,
ngabandungan Akina nu keur cumarita.
“Nya henteu kumaha, da éta mah perjalanan kahirupan
satiap manusa, di takdirkeunana kudu kitu, jeung moal pati-pati Gusti Alloh
nurunkeu cocoba iwal ti keur nambahan ka imanan urang ka MantenNa “Jawab Aki Nosi.
“Jeung mihapé Aki mah ka manéh, mun urang boga kahayang
sing sabar jeung tawekal, harti sabar nyaéta, ngadagoan waktu anu lila, harti
tawekal, tekun dina hiji pagawéan, tinangtu bakal hasil nu di maksud “Kitu
papagah Aki Nosi Ka Jang Somad, anu masih kénéh nongtoreng nepi ka ayeuna.
“Hayu Pa, urang uih !”Sora budak lalaki ngagareuwahkeun
lamunan Jang Somad, nu kiwari geus jadi Bapa ti tilu anakna, anu masih kénéh
cinekul nyekelan tutunggul.
-TAMAT-
#SCS_CARPON_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar