BAJIGUR
Yasa : Didih Setiadi
Tring, tring, tring, sora gelas di takolan ku sendok.
Unggal peuting Mang Komar ngurilingan lembur bari
ngadodorong roda bajigur, dibaturan ku budak nu bungsuna Si Engkus, “Bajigur
Mang !”Reg, Mang Komar eureun ngadorong rodana.
“Sabaraha gelas Neng ?”Ceuk Mang Komar nanya kanu ngageroan
tadi,”Dua gelas we Mang, Kulub suukna we dua bungkus “Ceuk eta wanoja nu tadi
ngeureunkeun Mang Komar.
Saeunggeus bérés ngaladangan bari narima duit tinu meuli,
Mang Komar indit deui ngadorong rodana bari teu eureun nakolan gelas ciri
hasna.
“Bajigur Mang !”Kadéngé sora awéwé ngageroan, saba’da
nepi ka tempat nu rada tiiseun, Reg, Mang Komar eureun deui, ngadagoan nu rek
balanja, “Mana nu rék meuli bajigur téh, Kus ?”Ceuk Mang Komar nanya ka anakna,
saeunggeus sababaraha menit euweuh nu datang, “Dadanguan panginten Pa, da
Engkusmah teu ngadangu “Jawab Si Engkus, bari culang-cileung nempoan
sakurilingna, “Heueuh meureun “Ceuk Mang Komar bari gap kana roda rék didorong
deui.
“Naha Kus roda téh meni pageuh kieu siga aya nu ngaganjel
?“Ceuk Mang Komar bari dongko nempoan gilinding rodana “Duka atuh Pa “ceuk Si
Engkus bari pipilueun nempoan kolong roda, weléh euweuh nanaon.
Roda anger digugunyenggé teu daékeun maju, “Matuh ari
geus kieu téh “Ceuk Mang Komar ngagerendeng, gap kana kap hiji laju dieusian
bajigur, gap kana seupan cau hiji, koloyong manéhna ka sisi jalan muru témbok
got susukan, “Tah hayang bajigurmah, tong ngaganggu nu keur usaha “Pokna bari
neundeun bajigur jeung seupan cau dina luhureun got, Si Engkus molohok, teu
ngartieun kana lalampahan Bapana.
“Hayu Kus, hampang geura ayeuna mah “Ceuk Mang Komar bari
gap kana roda laju didorong dibantuan ku Si Engkus anakna.
-TAMAT-
#SCS_CARMIS_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar