HЀNPUN
Yasa : Didih Setiadi
Geus jadi hiji kalangenan, ungal poé minggu jalan-jalan
ngahaja tara mawa kandaraan. Itung-itung réfrésing ceuk basa gayana mah,
ngareureuhkeun pikiran nu capéeun balas mikiran pagawéan.
Ngahaja leumpang sorangan teu mawa batur, nuju kasisi leuweung
nu geus ramé ku tempat pangulinan, nya saperti di lembur Kuring cacakan sisi
gunung mah, mun poé minggu malah sok ramé ku nu arulin, nu ngadon reureuh tina
pagawéanana pikeun ngisep hawa gunung nu masih beresih.
Wanci geus manceran karasa kana punduk rada panas karérab ku
panasna panon poé, késang mimiti ngucur maseuhan awak.
Koloyong ka sisi jalan ngahaja rék ngareureuhkeun kacapé, gék
,diuk handapeun tangkal pines nu budugul euweuh pucukan.
“ Itu naon nya nu hérang kasorot panon poe?” Ngagerentes
laju ngoloyong ngadeukeutan.
“ Duh, gening hénpun” Dicokot bari diulak-ilik.
Teu jauh ti tempat éta ngagolér sapatu awéwé sabeulah” Jadol
téh pinuh ku bilatung gening” Laju di balangkeun.
Rada bungah balik ulin téh da puguh boga hénpun anyar meunang
manggih.
Wanci sareureuh budak, ngahaja gogoléran bari lalajo tivi.
“Tok, tok,tok, punten,,,!” Sora nu ngetrokan panto bari
pupuntenan.
Kuniang cengkat laju muru panto, “Mangga,,,” .Bray, panto di
buka, luak-lieuk kakénca-kakatuhu euweuh sasaha.
“Nu nyémah ka tatangga meureun” Ngagerentes bari g
k diuk deui dina korsi.
“Tok, tok,tok,,,” Nu keketrok kadéngé deui, ayeuna mah
pindah kana jandéla tukangeun korsi nu didiukan.
Rét, ngalieuk kana jandéla,”Kang, punten badé nyandak hénpun,,,!”
Jéntré pisan ayeunamah sora awéwé, bari rét kana hénpun pamanggih tadi beurang
nu di simpen dina méja, ngadadak hurung siga aya nu nelpun, padahal euweuh
batrean teu kaburu di cas.
#SCS_CARMIS_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar