HAMPURA AKANG!
Yasa : Didih Setiadi
Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan,
wayahna kudu mondok moék, da puguh jauh ti lembur, teu mungkin kudu bulak-balik
mah.
Sabérésna gawé Kuring jeung Odang beberesih rék muru
Sholat Magrib, ngaran ngumbara di lembur batur kudu bisa mihapekeun diri,
saeungeus saged, leumpang ngajugjug Masjid nu teu pati jauh ti pagawéan.
Saréngséna Sholat magrib ngahaja teu buburu balik,
ngadagoan waktu Isya, malah mah Kuring sempet ngobrol jeung Sesepuh éta lembur,
ngalér-ngidul sagala di obrolkeun, ti mimiti nanya ngaran nepikeun lembur padumukan
kuring ogé di tanyakeun, nu ahirna Manéhna ngajak mondok di imahna, tapi di
tolak da puguh di tempat pagawéan loba barang nu kudu ditungguan.
Saréngséna Sholat Isya Kuring jeung Odang amitan ka
Sesepuh téa, alesan mah melang kana barang nu ditinggalkeun.
Leumpang ngagandeuang muru ka pagawéan.
Reg, léngkah ngarandeg basa ngadéngé nu brong-brang di
jero imah.
“ Dang, aya nu asup euy ka imah!” Ceuk Kuring bari ngarérét
ka Odang.
“ Enya Kang, Abdi ogé ngadangu!” Jawab Odang bari gap
kana kai sapotong.
Sarua Kuring oge nyokot popongkol.
Leumpang ngeteyep muru kana panto laju dibuka lalaunan,
blus asup kajero imah teu lesot nyekelan paneunggeul hiji éwang.
“ Tah Kang di dapur!” Ceuk Odang bari nuturkeun tukangeun
Kuring.
Bray, panto dapur dibuka, barang kabéh euweuh nu robah, séak,
bulu punduk asa cengkat, rét ka Odang kaciri beungeutna rada piyas.
“ Kang éta mah jurig” Ceuk Odang semu ngagibrig.
“ Enya meureun, gening euweuh nu robah, kabéh barang
angger aya di tempatna” Kuring semu nu yakin.
“ Kang, mending balik yu ah,Abdi mah sieun!” Ceuk Odang
bari nyekelan leungeun Kuring.
“ Balik kamana, geus moal aya angkotna ogé wayah kieu
mah, baé da moal paéh ku jurig meureun” Tembal Kuring ngabeberah.
“ Ari masalah sieun mah sarua da Akang ogé jelema atuh”
Kuring nuluykeun caritaan.
Saeunggeus apal nu kadéngé ukur sora wungkul tanpa jirim
Kuring yakin, di éta imah aya nu nyicingan, sawab geus kosong mangtaun-taun.
Wanci maju katengah peuting, nu brang-breng-brong di jero
imah, beuki ramé, malahan mah kadéngé sora nu leumpang, kékétéplékan maké sendal.
Kuring jeung Odang muru ka kamar nu di réken rada aman,
golédak ngagolér bari ngadédéngékeun anu gandéng.
Parat nepi ka isuk-isuk teu bisa saré, kaciri beungeut
Odang piyas bari awakna ngagibrig teu eureun-eureun.
Bray beurang Kuring menta ka dunungan supaya di
anteurkeun kalembur,sawab Odang katutuluyan gering, soak sigana mah.
Sabulan ti harita, hiji poé nu moal beunang di
popohokeun, Odang ninggalkeun salalawasna.
“Inna lillahi wa inna ilaihi raji'un”
-TAMAT-
#SCS_CARMIS_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar