PEPELING
Yasa : Didih Setiadi
Sumegruk nyuuh, sumujud pasrah
dina amparan sajadah. Rumasa raga lamokot ku dosa, diri pinuh ku sipat hiri,
laku mèngpar tina aturan, lampah loba nincak jalan salah. Rob, mung Anjeun anu
tiasa ngahampura sagala dosa, ngabersihkeun diri anu pinasti. Sajatina diri,
mung Anjeun nu kagungan, saenyana raga aya dina lahaola.
Rumasa diri, tacan cicing dina jatina. Komo hirup hanteu nyanding jeung huripna.
Mangsa jaya, lampah owah sagala dirumpak. Kitu deui dina nanjung, sakur ngaberung napsu. Loba nu nu kuciwa alatan lampah samena-mena, ogè nu ceurik ngabangingik lantaran diri geus antipati.
Rumasa diri, tacan cicing dina jatina. Komo hirup hanteu nyanding jeung huripna.
Mangsa jaya, lampah owah sagala dirumpak. Kitu deui dina nanjung, sakur ngaberung napsu. Loba nu nu kuciwa alatan lampah samena-mena, ogè nu ceurik ngabangingik lantaran diri geus antipati.
“Nuhun Nyi, tos janten bojo Akang anu satia “Kuring muka
obrolan, basa manéhna nyampeurkeun mawa kopi sagelas jeung lalawuhna,”Kawajiban
éta mah Kang,”Pokna laju nyimpen kopi kana méja.
Enya, mun inget kana lampah sababaraha taun katukang, haté
rasa kaduhung, kaduhung nganyerikeun haténa, mangsa keur jaya hirup sakarépna,
teu éling kana pépéling nu jadi pamajikan, kolot, komo nu jadi lanceukmah pan
nepikeun ka ngejatna ti lembur, éra cenah boga dulur ngan hiji-hijina, lampahna
ngaberung napsu nu teu make ugeran.
Imah ukur dipaké panganjangan wungkul, teu nolih ka anak
jeung pamajikan.
Mulang gawé lain bet balik ka imah, malah balik kanu
ngora nu can puguh bener jeung bageurna.
Hiji mangsa poe Juma’ah, mangkat gawé ti imah nu ngora,
rada rusuh mawa motor téh sieun kabeurangan.
Di tengah perjalanan karasa motor babangkieungan, kapaksa
di kasisikeun heula.
Jrut, turun laju ulak-ilik kana mesin motor, weléh teu
kapanggih.
Sabada yakin euweuh nanaon, ngadius deui nuluykeun
perjalanan.
Can ge jauh, karasa deui motor ngabangkieung, teu bisa dihalangan
deui,” brug “..
Asa dina pangimpian, bray panon dibeuntakeun, ret ka
katuhu, breh aya botol eusi cai herang ngagantung, rambay ku selang.
Kulisik, awak usik rék hudang, jedud, karasa suku katuhu
nyeri kacida, gap, kana tak-tak aya nu nyabak, “Jangan bangun dulu, Pa, kaki
Bapa patah !”Pokna sora awéwé, laju dirérét, bréh suster ngajanteng kéncaeun, rét
deui kana suku nu nyeri téa, bréh katembong baloboran ku getih keur pada
meresihan ku suster nu séjéna.
Teu kungsi lila, kurunyung aya nu datang, segruk manéhna
ceurik siga nu kanyenyerian.
“Hampura Nyi, Akang, Akang geus ngahianat jangji, Akang geus
ingkar tina tetekon hirup !”Bari teu ka ampeuh ci mata ngalembéréh kana pipi
marengan manéhna nu masih sumegruk.
“Wios Kang, nu atos mah teu kedah di carioskeun deui, Nyai oge tos terang, malah mah Nyai nu kudu
dihapunten mah, bilih kirang nyugemakeun Akang !”Pokna bari nyuuh dina dada.
“Nuhun Gusti, Anjeun tos maparinan bojo anu soléh, Nuhun
Gusti, anjeun tos maparinan panjang umur, Insya Alloh diéstokeun pépéling ti
Anjeun “.
-TAMAT-
#SCS_CARPON_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar