Jumat, 06 Oktober 2017

HAMPURA AKANG!



 HAMPURA AKANG!

Yasa : Didih Setiadi

Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da puguh jauh ti lembur, teu mungkin kudu bulak-balik mah.

Sabérésna gawé Kuring jeung Odang beberesih rék muru Sholat Magrib, ngaran ngumbara di lembur batur kudu bisa mihapekeun diri, saeungeus saged, leumpang ngajugjug Masjid nu teu pati jauh ti pagawéan.

Saréngséna Sholat magrib ngahaja teu buburu balik, ngadagoan waktu Isya, malah mah Kuring sempet ngobrol jeung Sesepuh éta lembur, ngalér-ngidul sagala di obrolkeun, ti mimiti nanya ngaran nepikeun lembur padumukan kuring ogé di tanyakeun, nu ahirna Manéhna ngajak mondok di imahna, tapi di tolak da puguh di tempat pagawéan loba barang nu kudu ditungguan.

Saréngséna Sholat Isya Kuring jeung Odang amitan ka Sesepuh téa, alesan mah melang kana barang nu ditinggalkeun.

Leumpang ngagandeuang muru ka pagawéan.

Reg, léngkah ngarandeg basa ngadéngé nu brong-brang di jero imah.

“ Dang, aya nu asup euy ka imah!” Ceuk Kuring bari ngarérét ka Odang.
“ Enya Kang, Abdi ogé ngadangu!” Jawab Odang bari gap kana kai sapotong.
Sarua Kuring oge nyokot popongkol.

Leumpang ngeteyep muru kana panto laju dibuka lalaunan, blus asup kajero imah teu lesot nyekelan paneunggeul hiji éwang.

“ Tah Kang di dapur!” Ceuk Odang bari nuturkeun tukangeun Kuring.
Bray, panto dapur dibuka, barang kabéh euweuh nu robah, séak, bulu punduk asa cengkat, rét ka Odang kaciri beungeutna rada piyas.
“ Kang éta mah jurig” Ceuk Odang semu ngagibrig.
“ Enya meureun, gening euweuh nu robah, kabéh barang angger aya di tempatna” Kuring semu nu yakin.
“ Kang, mending balik yu ah,Abdi mah sieun!” Ceuk Odang bari nyekelan leungeun Kuring.
“ Balik kamana, geus moal aya angkotna ogé wayah kieu mah, baé da moal paéh ku jurig meureun” Tembal Kuring ngabeberah.
“ Ari masalah sieun mah sarua da Akang ogé jelema atuh” Kuring nuluykeun caritaan.

Saeunggeus apal nu kadéngé ukur sora wungkul tanpa jirim Kuring yakin, di éta imah aya nu nyicingan, sawab geus kosong mangtaun-taun.
Wanci maju katengah peuting, nu brang-breng-brong di jero imah, beuki ramé, malahan mah kadéngé sora nu leumpang, kékétéplékan maké sendal.

Kuring jeung Odang muru ka kamar nu di réken rada aman, golédak ngagolér bari ngadédéngékeun anu gandéng.
Parat nepi ka isuk-isuk teu bisa saré, kaciri beungeut Odang piyas bari awakna ngagibrig teu eureun-eureun.
Bray beurang Kuring menta ka dunungan supaya di anteurkeun kalembur,sawab Odang katutuluyan gering, soak sigana mah.

Sabulan ti harita, hiji poé nu moal beunang di popohokeun, Odang ninggalkeun salalawasna.

“Inna lillahi wa inna ilaihi raji'un”

 

-TAMAT-

#SCS_CARMIS_DS

BALIK PEUTING



BALIK PEUTING

Yasa : Didih Setiadi

Gas di tarik sabéakna,motor nu ditumpakan ngabelesur meulah poékna peuting.
Wanci geus ngagayuh katengah peuting, hawa beuki karasa tiris pisan.

Reg, motor di erém ngadadak, basa nempo hareupeun aya nu ngajanteng sisi jalan siga nu keur megat kanaraan.

Kaca hélm dibuka, “ Aéh gening Emang, badé ka mana Mang, wengi-wengi kieu?” Kuring tumanya basa geus apal nu ngajanteng téh Mang Yaya, tatangga di lembur.
Manéhna teu ngajawab, ukur ngarérét bari unggeuk.
Mang Yaya téh jalma teu pati cageur pikiranana, manéhna unggal poé leuleumpangan, mapay-mapay lembur, malahan mah sababaraha minggu katukang kuring kungsi manggihan manéhna, keur ngagolér  di tepas imah anu kosong.

“ Mang, hayu urang mulang, naék kana motor Abdi!” Kuring ngajak balik bari nitah naék kana motor.
Mang Yaya teu baha, kalacat naék kana motor, gap, nyekel kana cangkéng pageuh pisan.
Lalaunan motor ditarik gasna, teu wani mawa tarik ayeuna mah, rumasa keur ngaboncéng jalma nu geus kolot.

Di lembur karasa simpé naker,euweuh jalma nu ngulampreng saurang-urang acan.
Gok, ka hareupeun imah Nini Sarni, indungna Mang Yaya nu tinggal sabeulah sasemplék deui, Mang Yaya teu kanyahoan turunna, katempo di jero imah ngebrak naker tara-tara tisasari, sababaraha urang keur ngariung bari hawar-hawar kadéngé keur ngaraos surah Yasin, katempo Nini Sarni keur nyu’uh kanu keur ngajepat nyangirah ngalér.

_TAMAT_

#SCS_CARMIS_DS

NU SEURI



NU SEURI

Yasa : Didih Setiadi

Pagelaran wayang golék mingkin peuting mingkin ramé, si cépot jeung si dawala ngabodor silih gonjakan, nu lalajo éak-éakan.

Sisi panggung ngajanteng saurang awéwé ngora kénéh.
“ Néng, nyalira?” Kuring ngawanikeun nanya.
“ Muhun Kang” Pok na teu ngarérét-rérét acan.
Haté beuki panasaran, sagala akal pangolo diketrukeun nu ahirna manéhna daék ngalayanan kuring ngobrol.
Wanci ampir ngagayuh katengah peuting, hawa karasa beuki nyecep.
“Néng urang uih yu ah, tos wengi!” Kuring ngajak balik.
“Hayu Kang!” Jawabna pondok.
Leumpang ngaréndéng paduduan ninggalkeun panglalajoan nu masih ngageder.
Gok, ka lebah péngkolan nu rada canéom, luhureun gawir jalan, katempo tangkal jambu aér anu ngarumpuyuk, bulu punduk ngadadak asa carengkat.
“Hihihihi,,,” Kadéngé sora nu seuri semu ngirung.
Rét, ka lebah datangna sora, katempo atra pisan aya nu keur ucang anggé baju bodas buukna ngarumbay.
“ Néng, a, a, aya jurig” Kuring arap ap areup eup, bari tuur ngadégdég.
Rét kanu gigireun, ngiles teuing ka mana inditna.

-TAMAT-

#SCS_CARMIS_DS

HENPUN



HЀNPUN

Yasa : Didih Setiadi

Geus jadi hiji kalangenan, ungal poé minggu jalan-jalan ngahaja tara mawa kandaraan. Itung-itung réfrésing ceuk basa gayana mah, ngareureuhkeun pikiran nu capéeun balas mikiran pagawéan.
Ngahaja leumpang sorangan teu mawa batur, nuju kasisi leuweung nu geus ramé ku tempat pangulinan, nya saperti di lembur Kuring cacakan sisi gunung mah, mun poé minggu malah sok ramé ku nu arulin, nu ngadon reureuh tina pagawéanana pikeun ngisep hawa gunung nu masih beresih.
Wanci geus manceran karasa kana punduk rada panas karérab ku panasna panon poé, késang mimiti ngucur maseuhan awak.
Koloyong ka sisi jalan ngahaja rék ngareureuhkeun kacapé, gék ,diuk handapeun tangkal pines nu budugul euweuh pucukan.
“ Itu naon nya nu hérang kasorot panon poe?” Ngagerentes laju ngoloyong ngadeukeutan.
“ Duh, gening hénpun” Dicokot bari diulak-ilik.
Teu jauh ti tempat éta ngagolér sapatu awéwé sabeulah” Jadol téh pinuh ku bilatung gening” Laju di balangkeun.
Rada bungah balik ulin téh da puguh boga hénpun anyar meunang manggih.
Wanci sareureuh budak, ngahaja gogoléran bari lalajo tivi.
“Tok, tok,tok, punten,,,!” Sora nu ngetrokan panto bari pupuntenan.
Kuniang cengkat laju muru panto, “Mangga,,,” .Bray, panto di buka, luak-lieuk kakénca-kakatuhu euweuh sasaha.
“Nu nyémah ka tatangga meureun” Ngagerentes bari g k diuk deui dina korsi.
“Tok, tok,tok,,,” Nu keketrok kadéngé deui, ayeuna mah pindah kana jandéla tukangeun korsi nu didiukan.
Rét, ngalieuk kana jandéla,”Kang, punten badé nyandak hénpun,,,!” Jéntré pisan ayeunamah sora awéwé, bari rét kana hénpun pamanggih tadi beurang nu di simpen dina méja, ngadadak hurung siga aya nu nelpun, padahal euweuh batrean teu kaburu di cas.

#SCS_CARMIS_DS

Kamis, 05 Oktober 2017

BUNGKUSAN



BUNGKUSAN

Yasa : Didih Setiadi

Gura-giru balik rurusuhan, jalan paroék euweuh cahaya bulan-bulan acan, indung suku jantowor balas titajong.

“ Abong keur sué, ingah” Kuring leumpang bari ingkrud-ingkrudan.

“ Tos timana Jang?” Mang Parman ngagareuwahkeun kuring nu keur gugulunu.
“ Ѐh, Emang gening, éta tos tinu tahlilan Mang, pan Nyi Néni budakna  Bi Onih maot katabrak mobil” Jawab kuring.

“ Ké, ké, Jang naha da bieu gé panggih Nyi Néni mah jeung Mang, malahan mah mihapé bungkusan, keur ka indungna cenah!” Ceuk Mang Parman semu kagét.

“ Ari Emang, pan bieu téh nembé bubaran tahlilna ogé” Kuring ngayakinkeun.
“ Ka Emang masihkeun bungkusan naon kitu” Kuring laju tumanya.
“ Duka atuh Jang, ngarana barang pihapé, Mang mah teu wani muka, tah iyeu Jang bungkusana téh” Ceuk Mang Parman bari nembongkeun bungkusan keresek hideung.
“ Nya ayeuna mah mending ka imahna wé Mang anteurkeun, bisi barang penting” Kuring méré saran ditungtungan ku ngahéhéh.

Teu lila di jalana najan leumpang bari ingkrud-ingkrudan, teu burung wé nepi.
Saeunggeus uluk salam bari di titah diuk kunu boga imah, Mang Parman ngasongkeun bungkusan ka Bi Onih indungna Nyi Néni.
bonbolongan.
“ Enya atuh alusna mah kitu, sakalian wé anteur ku Ujang, héhé” Mang Parman nyatujuan di
Bi Onih nu paromanana masih alum, nampanan bungkusan” Bungkusan naon iyeu téh Jang?”Tanya Bi Onah.
“ Katitipan ku Si Nyai, duka naon eusina mah” Jawab Mang Parman.

Bungkusan kérésék di buka ku Bi Onih, bréh, kaén bodas semu bereum katémbong mungkus hiji barang, tuluy di buka lalaunan, segruk Bi Onih nyegruk semu kanyenyerian, basa ahirna katémbong aya hénpun jeung dua ramo nu baloboran ku getih.

-TAMAT-

#SCS_CARMIS_DS

CARPON ( CARITA PONDOK )

HAMPURA AKANG!

  HAMPURA AKANG! Yasa : Didih Setiadi Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da pug...

PEPELING