Kamis, 05 Oktober 2017

TANDA BEUREUM



TANDA BEUREUM

Yasa : Didih Setiadi

Rumah tangga sapuluh taun lilana, teu kurang sandang jeung pangan, kabeneran boga dunungan nyaaheun pisan.
Pamajikan geus tara loba tatanya mun kuring balik peuting, geus teu anéheun deui.

“ Kang cai heula, !” Pokna bari ngasongkeun gelas.
“ Nuhun Nyi, “ Cai diinum ampir béak.
“ Naha Kang, ayeuna mah uih damel téh meni wengi waé, Abdi mah meni jarang ditoél ayeuna mah, “ Pokna bari ngaléndéan.
“ Da kumaha atuh Nyi, ngaran-ngaran ngadunungan, kudu nurut, teu meunang hanteu, “  Bari nyangsaya dina korsi.
“ Rumah tangga téh teu cukup lahir wungkul, da wajib jeung batinna, “ Pokna deui.
“ Enya Akang gé ngarti, “ Gap kana leungeuna laju moekan lampu.

Isuk-isuk geus saged.

“ Engké bade ngalembur deui, ?” Nembongkeun kaméja bodas urut kamari, anu aya warna beureum dina lebah dada kénca.   

-TAMAT-

#SCS_FIKMIN_DS

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CARPON ( CARITA PONDOK )

HAMPURA AKANG!

  HAMPURA AKANG! Yasa : Didih Setiadi Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da pug...

PEPELING