NU NGILU BALIK
Yasa : Didih Setiadi
Dius mobil ninggalkeun pakarangan, rada gura-giru da
puguh wanci sareureuh budak, di jalan raya teu pati loba kandaraan, ukur
hiji-hijieun nu papaliwat, ngahaja nyetél musik di gedéan itung-itung maturan,
lamun teu kapaksa ku kapereluan nu penting mah moal ieuh kudu daék lumampah
peuting-peuting komo euweuh nu marengan.
Pepedut mimiti turun, basa bras ka jalan nu kenca katuhu
kebon entéh, laju mobil dikendoran bari haté rada hariwang, inget ka waktu
sababaraha taun ka tukang basa waktu keur mawa motor, nya di dieu pisan aya nu
megat tuluy ngarampas motor bari awak teu bisa usik diborogod kana patok jalan.
Keur anteng ngalamun rus-ras mangsa ka tukang,
remeng-remeng aya nu ngajanteng tengah jalan, beuki dukeut beuki sidik manéhna
ngacungkeun leungeuna ménta supaya eureun.
Reg, mobil eureun, gap kana konci roda,taki-taki bisi manéhna
rék niat jahat.
Teu buburu turun ngahaja nyidik-nyidik heula, “Tulungan
Kang, Tulungan, “ Kadéngé manéhna ngomong ménta tulung bari ngetrokan kaca
panto mobil.
Ngawani-wani manéh panto dibuka laju turun tina mobil
saba’da ningali tukangeun manéhna aya motor ngagolér bari angger leungeun mah
teu lesot ngagigiwing konci roda.
“Kunaon Néng, ?” Kuring tumanya.
“Punten Kang tulungan, Abdi geubis tina motor, “ Jawab
manéhna bari nunjuk kana motor satukangeunana.
Haté angger can percaya sok sieun ukur dadaku wungkul.
“Naha Kang culang-cileung, Abdi mah sanés rampog, “ Pokna
siga nu surti kana kahariwang Kuring.
Koloyong ngadeukeutan motor nu ngagolér laju
dicengkatkeun, “ Ari ieu Néng badé dikamanakeun motorna, da moal tiasa dicandak
sakitu reksak kieu gening,?” Bari ngulak-ngilik kaayaan motor.
“Duka atuh Kang, ?” Jawabna semu bingung.
“Kieu wé atuh Néng, motor urang lebetkeun ka kebon entéh,
enjing candak, !” Méré jalan kanu keur bingung.
“Nya teulangkung Akang étamah, “ Pokna masrahkeun.
“Ari Enéng uihna kamana,?” Kuring tumanya deui.
“Ka Bandung Kang, jalan Sukajadi, “ Pokna deui.
“Oh, enya atuh kaleresan Akang ngalangkung ka dinya, hayu
wé ngiring ka Akang, !” Kuring ngajak kanu keur bingung.
Dina mobil manéhna teu loba nyarita ukur saperluna,
malahan mah teu sempet nanyakeun ngaran-ngarana acan.
“Di payun Kang, !” Manéhna nitah eureun saeunggeus nepi
ka jalan Sukajadi.
“Nuhun Kang, “ Manéhna nganuhunkeun laju muka panto nu
ukur dijawab ku unggeuk.
Ngahaja teu gura-giru indit nyérangkeun heula nu ngaléos
asup kana jalan gang.
Nepi kanu di tuju jam opat geus ngagayuh waktu subuh, teu
lila saeungeus ngabéjakeun maksud ka nu jadi lanceuk, gura-giru balik deui
sieun kaburu macét di jalana.
Reg mobil di eureunkeun, basa ningali loba jalma
ngarariung di sisi jalan, di barengan haté nu panasaran nyampeurkeun nu
ngariung.
“Aya naon Kang, ?” Nanya kanu keur ngagimbung.
“Ieu Kang aya nu kacilakaan, !” Jawab salah saurang nu
keur ngajanteng bari nunjuk kanu keur ngagolér.
Haté beuki panasaran ngadeukeutan nu ngagolér, bréh
katempo pangawakan awéwé beungeutna baloboran ku getih, geus teu usik teu
malik, raga ditinggalkeun nyawa.
Rét kana baju jékét nu dipakéna, bréh, kajadian tadi
peuting némbongan deui, basa aya nu megat bari tuluy ngilu balik.
Haté beuki yakin basa nyidik-nyidik motor nu ngagoler
gigireun mayit.
-TAMAT-
#SCS_CARMIS_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar