DIET
Yasa: DIDIH SETIADI
Poe saptu bagian libur gawe, teu ka mamana itung -itung
ngareureuhkeun awak tos gawe saminggu, tapi sok tara betah hatemah di imahteh, hayang
indit kanu tiiseun supaya euweuh nu ngaganggu, tapi kamana atuh, katambah awak
carape.
Jam dua sore, pamajikan siga nu riweuh, pak pik pek kana
pagawean, malahan kuringge teu kapalire, pajarkeun teh sieun katinggaleun
cenah, duka rek ka mana,”Ah urusan awewe meureun , “Pikir kuring.
Di lapangan nu teu jauh ti imah ngeus ngageder musik
dangdut koplo, asa ku gararandeng.
Cenah saminggu dua kali, ngagederna teh tiap poe Rebo
jeung Saptu, teu apal ieuh da jarang aya di imah.
Wanci geus ngagayuh ka magrib, pamajikan karek jol, bari
seuri.
“Tos ti mana ari Mamah, meni poho kana nanaon,?”Tanya
kuring.
“Tos senam Pa,”Pokna bari gek diuk gigireun.
“Ka cai heula Mah ah, eta barau kesang kitu gening,”Ceuk
kuring.
“Oh nya atuh ah,”Pokna bari cengkat deui tina diukna, tuluy
ngaleos.
“Paingan atuh ari rek senam mah, meni riweuh, nepikeun ka
poho ka salaki,”Gerentes teh.
Teu kungsi lila, pamajikan tos nyampeurkeun deui, ayeuna mah
sareungit, teu cara tadi barau haseum.
“Naha pa, siga nu teu panuju Mamah ngiringan senam teh,?”Pokna
bari ngareret ka kuring.
“Mangga wae Mah, bade senam mah, ngan ulah poho kana
kawajiban, kasalaki meni teu ngareret, padahal Bapa teh da tara ungal poe aya
di imah teh, hayangwe atuh sakali-kali mah di perhatikeun ku pamajikan, jeung
lain mah ngiluan senam teh ngarah naon atuh, ceuk Bapa mah kacape-cape,?”Tanya
kuring bari jongjon lalajo TiVi.
“Naha Bapa teu ningal ka Mamah, sakitu awak Mamah teh
sagede kieuna, hoyong langsing Pa Mamah teh, matak ngiringan senam oge, pan Bapa
moal beurat panginten nyanyandak Mamah teh pami langsing mah”Pokna
Kuring seuri bari ngareret kana awak pamajikan,memang
bener pamajikan teh awakna montok, sakalieun menta di anteur balanja wae ka
pasar, motor nu di tumpakanteh ngadeyenden beurateun.
“Ari Mamah, naha da tara di akod atuh make beurat
sagala,ceuk Bapa mah hayang langsing mah teu kudu senam, teu kudu diet, gampang
atuh, ”Ceuk kuring bari nyerengeh.
‘’Kumaha kitu Pa,?”Pamajikan melong panasaran.
“Satujuan we Bapa rek nyandung, di jamin dua bulan ge langsing,”Ceuk
kuring bari ngaleos ka kamer.
Hawar-hawar kadenge pamajikan kukulutus.
-TAMAT-
#SCS_CARPON_DS