OCA
Yasa : Didih Setiadi
Pasosoré jalan-jalan ka kota, pajarkeun téh cuci mata
cenah, ngajanteng sisi jalan niténan nu ngaliwat.
“ Din itu saha euy nu ngajanteng sorangan, meni demplon
kitu?” Ceuk Muhdi bari nunjuk ka peuntaseun jalan, sisi taman kota.
“ Heu euh euy resep ku momplona déwék mah, yu ah urang
sampeurkeun!” Tembal Udin laju ngajak nyampeurkeun.
Udin jeung Muhdi meuntas jalan nyampeurkeun kanu keur
ngajanteng.
“ Néng sendiri aja, boléh kenalan ga?” Ceuk Muhdi nu
pangheulana nepi, bari maké bahasa melayu, ngarah gaya cenah.
“ Boléh Mas!” Jawabna semu ngirung.
“ Nama saya Tédi!” Ceuk Muhdi bari ngasongkeun leungeun,
ngahaja teu nyebut ngaran asli, géngsi cenah.
“ Ѐkeu Oca, Otong Cantik” Narima leungeun Muhdi bari
uman-imen.
#SCS_FIKMIN_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar