Kamis, 05 Oktober 2017

MALES



MALES 

Yasa : Didih Setiadi

“Kabeneran Jang, manéh kadieu “Ceuk Bah Suanta, ka incuna nu karék datang.
“Badé naon kitu Bah ?”Ceuk Jang Somad nanya ka akina.
“Bantuan Abah, nyieun kandang hayam can anggeus kaburu nyeri cangkéng “Ceuk Bah Suanta bari nyekelan cangkéngna.
“Ooh , gampang Bah pira nyieun kandang hayam, mana Bah parabotna ?”Jawab Jang Somad ditungtungan nanyakeun alat-alatna.
“Geus nyampak di pipir, tingal dek “Jawab Bah Suanta laju ngoloyong semu moyongkod muru kapipir.

Deker wéh Jang Somad nyieun kandang hayam nuluykeun hanca akina, bari diselang gagaro kana palangkakanana.

“Jang cing bener atuh gawé téh, disidi-sidik tatadi ngagaroan waé palangkakan wéh, budug ilaing téh ?”Ceuk Bah Suanta bari tuluy diuk laju nyarandé kana tatapakan.
“Duka ku naon atuh Bah, geus tilu poé arateul waé, aya sagedé duit bénggol mah, ceuk mantri mah éksim cenah “ Jawab Jang Somad.
“Gampang ubar éksim mah, teu kudu kamantri sagala atuh “Ceuk Bah Suanta bari ngodok bako tina pésak kamprétna.
“Naon kitu Bah, ubarna ?”Malik bari melong ka akina dibarung ku kapanasaran.
“ Ku opak jeung simeut “Jawab Bah Suanta.
“Dikumahakeun Bah, diréndos atanapi dikumahakeun ?”Tanya Jang Somad beuki panasaran.
“Disopak sing imeut, cageur gera “Jawab Bah Suanta bari jongjon nyiwitan bakona.
“Deuh na,,,jadol téh sugan téh bener “Jang Somad ngagerendeng.

“Dibalés siah ku aing “Gerentes haté Jang Somad.

“Bah, nyeri cangkéng kunaon ari Abah ?”Ceuk Jang Somad nanya ka akina.
“Nya nyeri cangkéng mah panyakit geus kolot we meureun, pan Abah mah geus aki-aki atuh “Jawab Bah Suanta bari jongjon ngageleng-geleng pahpir laju diudud, serebung haseupna mulek ka luhur.
“Gampang Bah ,ubar nyeri cangkeng mah “Ceuk Jang Somad.
“Kunaon euy ?”Bah Suanta curinghak bari melong ka incuna.
“Ku sileum Bah, kantun napelkeun dina cangkéng nu nyerina “Jawab Jang Somad.
“Naon sileum téh euy ?”Tanya Bah Suanta.
“Beusi menang meuleum, héhé “Ceuk Jang Somad ditungtungan ku ngahéhéh.
“Beu ilaing mah ka kolot téh “Bah Suanta bundelik.

-TAMAT-

#SCS_CARPON_DS

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CARPON ( CARITA PONDOK )

HAMPURA AKANG!

  HAMPURA AKANG! Yasa : Didih Setiadi Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da pug...

PEPELING