OCID
Yasa : Didih Setiadi
Wanci sareureuh budak Ocid jeung Tardi geus dariuk di pos
ronda bari nyihareupan durukan.
“ Anéh ku pamolah awéwé déwék mah, komo urut pamajikan
mah” Ocid muka carita.
“ Nya kumaha kitu Cid, maké anéh sagala?” Tanya Tardi
bari ngasur-ngasur suluh.
“ Ѐta wé ayeunamah ménor, sagala diterapkeun kana
beungeutna téh, da tiheulamah keur jadi kénéh pamajikan déwék, buuk teu elat ti
kusut waé, baju gé sa ayana, jauh kana ngaréka, sakalieun dititah dangdan ogé
pajarkeun téh lebar, ké wé ari rék ka ondangan dangdan mah cenah, pareng déwék
teu usaha sakeudeung ogé riweuh hayang diserahkeun, ari geus jadi randa,
dangdan sataker kebek,da ngarah aya nu naksir deui, capé cenah jadi randa téh,
sagala kudu ku sorangan” Ceuk Ocid
panjang lébar ngomongkeun Onah urut pamajikanana.
Tardi ukur unggut-unggutan.
Tring, sora hénpun Ocid disada.
“ Kang cios badé ka bumi téh, Onah tos lami ngantosan?” Ocid
muka SMS.
_TAMAT_
#SCS_FIKMIN_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar