KABELEJOG
Yasa :Didih Setiadi
Kring, sora sms, geuwat dibuka, “Janten Kang ketemuan téh?”Kitu
eusi sms ti manéhna nu ngaku Ratna, bari jeung can apal saha jeung kumaha Ratna
téh, “Siap, antos wé sa jam !”Pung sms di apungkeun,”Di antos, di pasar Lémbang
palih kidul “Manéhna malesan deui.
Teu talangké, dius maké motor muru ka pasar Lémbang nu
tadi geus di jangjikeun.
Motor dilaunan saeungeus nepi ka pasar, bari teu reureuh
panon culang cileung ngarérétan nu ngajak panggih.
Reg, motor eureun hareupeun kios, ngahaja asup heula ka
kios, meuli udud heula barijeung udud mah masih keneh aya réstan, ngan ngahaja
wé ulah éra teuing cicing didinya, bari anger panon mah teu reureuh ngérérétan
sakurilingna, nempoan nu ngajak panggih.
Kring, sora sms disada deui, “Dimana kénéh Kang ?”.
“Antos sakedap, nuju di POM, mésér heula bénsin !”Ngahaja
ngabohong .
Geus aya kana sapuluh menitna, anger can kapanggih, gap
kana henpun laju ditelepun, “Halow, halow “Manéhna ngahalowkeun, ngahaja teu di
jawab, nyidik-nyidik heula nu ngangkat telepun.
Rét, kapeuntaseun jalan kaciri aya nu ngajanteng nyekelan
henpun di tapelkeun kana ceulina, bari culang-cileung.
Haté can yakin manéhna nu ditéangan téh, ditelepun sakali
deui, bener wé gening nu ditéangan téh manéhna.
Saeunggeus sidik
nu rék di tepungan téh kapangih, langsung nguliwed kapipir kios, laju di
telepun deui, “Punten Nyi, rada lami siganamah, motor Akang kalahka mogok, ieu
oge nuju di béngkél “Ribut méré alesan, saeungeus apal nu ngajak panggih téh
awakna rubak jaba teu jangkung, coklat deuih kulitna, teu sarua jeung
pangakuanana basa dina sms.
-TAMAT-
#SCS_CARPON_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar