Kamis, 05 Oktober 2017

HAPA



HAPA

Sapuluh taun ngarumah tangga éstu genah tumaninah, rejeki najan leutik tapi mirilik, pamajikan éstu euweuh cawadeunana, tumut tuhu kanu jadi salaki.
Tapi mungguh manusa teu weléh boga rasa ka kurangan waé.

“Kumaha nya Kang, gening teu gaduh waé turunan?” Ngasongkeun kopi laju diuk di gigireun.
“Nya kumaha atuh Nyi, pan geus di ihtiaran ka ditu ka dieu “ Bari nyuruput kopi.
“ Nya sakali deui mah cobian pariksa ka Mantri Ohim, nyéépkeun kapanasaran!” Pamajikan méré saran.
“Nya kin soré urang telepun” Nyatujuan saran pamajikan.
“Tah kitu wé Kang, ngan Mantrina sina langsung ka kandang wé,  naha bikangna tanapi si jalu nu hapana” Pokna deui bari ngaléos ka dapur.
“Nya keun wé pasrahkeun ka Akang urusan éta mah” Bari cengkat tina diuk laju ngaléos ka kandang domba kameumeut.

#SCS_FIKMIN _DS

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CARPON ( CARITA PONDOK )

HAMPURA AKANG!

  HAMPURA AKANG! Yasa : Didih Setiadi Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da pug...

PEPELING