BUNGKUSAN
Yasa : Didih Setiadi
Gura-giru balik rurusuhan, jalan paroék euweuh cahaya
bulan-bulan acan, indung suku jantowor balas titajong.
“ Abong keur sué, ingah” Kuring leumpang bari
ingkrud-ingkrudan.
“ Tos timana Jang?” Mang Parman ngagareuwahkeun kuring nu
keur gugulunu.
“ Ѐh, Emang gening, éta tos tinu tahlilan Mang, pan Nyi Néni
budakna Bi Onih maot katabrak mobil”
Jawab kuring.
“ Ké, ké, Jang naha da bieu gé panggih Nyi Néni mah jeung
Mang, malahan mah mihapé bungkusan, keur ka indungna cenah!” Ceuk Mang Parman
semu kagét.
“ Ari Emang, pan bieu téh nembé bubaran tahlilna ogé”
Kuring ngayakinkeun.
“ Ka Emang masihkeun bungkusan naon kitu” Kuring laju
tumanya.
“ Duka atuh Jang, ngarana barang pihapé, Mang mah teu
wani muka, tah iyeu Jang bungkusana téh” Ceuk Mang Parman bari nembongkeun
bungkusan keresek hideung.
“ Nya ayeuna mah mending ka imahna wé Mang anteurkeun,
bisi barang penting” Kuring méré saran ditungtungan ku ngahéhéh.
Teu lila di jalana najan leumpang bari ingkrud-ingkrudan,
teu burung wé nepi.
Saeunggeus uluk salam bari di titah diuk kunu boga imah,
Mang Parman ngasongkeun bungkusan ka Bi Onih indungna Nyi Néni.
bonbolongan.
“ Enya atuh alusna mah kitu, sakalian wé anteur ku Ujang,
héhé” Mang Parman nyatujuan di
Bi Onih nu paromanana masih alum, nampanan bungkusan”
Bungkusan naon iyeu téh Jang?”Tanya Bi Onah.
“ Katitipan ku Si Nyai, duka naon eusina mah” Jawab Mang
Parman.
Bungkusan kérésék di buka ku Bi Onih, bréh, kaén bodas
semu bereum katémbong mungkus hiji barang, tuluy di buka lalaunan, segruk Bi Onih
nyegruk semu kanyenyerian, basa ahirna katémbong aya hénpun jeung dua ramo nu
baloboran ku getih.
-TAMAT-
#SCS_CARMIS_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar