NU SEURI
Yasa : Didih Setiadi
Pagelaran wayang golék mingkin peuting mingkin ramé, si cépot
jeung si dawala ngabodor silih gonjakan, nu lalajo éak-éakan.
Sisi panggung ngajanteng saurang awéwé ngora kénéh.
“ Néng, nyalira?” Kuring ngawanikeun nanya.
“ Muhun Kang” Pok na teu ngarérét-rérét acan.
Haté beuki panasaran, sagala akal pangolo diketrukeun nu
ahirna manéhna daék ngalayanan kuring ngobrol.
Wanci ampir ngagayuh katengah peuting, hawa karasa beuki
nyecep.
“Néng urang uih yu ah, tos wengi!” Kuring ngajak balik.
“Hayu Kang!” Jawabna pondok.
Leumpang ngaréndéng paduduan ninggalkeun panglalajoan nu
masih ngageder.
Gok, ka lebah péngkolan nu rada canéom, luhureun gawir
jalan, katempo tangkal jambu aér anu ngarumpuyuk, bulu punduk ngadadak asa
carengkat.
“Hihihihi,,,” Kadéngé sora nu seuri semu ngirung.
Rét, ka lebah datangna sora, katempo atra pisan aya nu
keur ucang anggé baju bodas buukna ngarumbay.
“ Néng, a, a, aya jurig” Kuring arap ap areup eup, bari
tuur ngadégdég.
Rét kanu gigireun, ngiles teuing ka mana inditna.
-TAMAT-
#SCS_CARMIS_DS
Tidak ada komentar:
Posting Komentar