Jumat, 28 Juli 2017

DIET



 DIET

Yasa: DIDIH SETIADI 

Poe saptu bagian libur gawe, teu ka mamana itung -itung ngareureuhkeun awak tos gawe saminggu, tapi sok tara betah hatemah di imahteh, hayang indit kanu tiiseun supaya euweuh nu ngaganggu, tapi kamana atuh, katambah awak carape.

Jam dua sore, pamajikan siga nu riweuh, pak pik pek kana pagawean, malahan kuringge teu kapalire, pajarkeun teh sieun katinggaleun cenah, duka rek ka mana,”Ah urusan awewe meureun , “Pikir kuring.

Di lapangan nu teu jauh ti imah ngeus ngageder musik dangdut koplo, asa ku gararandeng.
Cenah saminggu dua kali, ngagederna teh tiap poe Rebo jeung Saptu, teu apal ieuh da jarang aya di imah.

Wanci geus ngagayuh ka magrib, pamajikan karek jol, bari seuri.
“Tos ti mana ari Mamah, meni poho kana nanaon,?”Tanya kuring.
“Tos senam Pa,”Pokna bari gek diuk gigireun.
“Ka cai heula Mah ah, eta barau kesang kitu gening,”Ceuk kuring.
“Oh nya atuh ah,”Pokna bari cengkat deui tina diukna, tuluy ngaleos.
“Paingan atuh ari rek senam mah, meni riweuh, nepikeun ka poho ka salaki,”Gerentes teh.

Teu kungsi lila, pamajikan tos nyampeurkeun deui, ayeuna mah sareungit, teu cara tadi barau haseum.
“Naha pa, siga nu teu panuju Mamah ngiringan senam teh,?”Pokna bari ngareret ka kuring.
“Mangga wae Mah, bade senam mah, ngan ulah poho kana kawajiban, kasalaki meni teu ngareret, padahal Bapa teh da tara ungal poe aya di imah teh, hayangwe atuh sakali-kali mah di perhatikeun ku pamajikan, jeung lain mah ngiluan senam teh ngarah naon atuh, ceuk Bapa mah kacape-cape,?”Tanya kuring bari jongjon lalajo TiVi.
“Naha Bapa teu ningal ka Mamah, sakitu awak Mamah teh sagede kieuna, hoyong langsing Pa Mamah teh, matak ngiringan senam oge, pan Bapa moal beurat panginten nyanyandak Mamah teh pami langsing mah”Pokna

Kuring seuri bari ngareret kana awak pamajikan,memang bener pamajikan teh awakna montok, sakalieun menta di anteur balanja wae ka pasar, motor nu di tumpakanteh ngadeyenden beurateun.
“Ari Mamah, naha da tara di akod atuh make beurat sagala,ceuk Bapa mah hayang langsing mah teu kudu senam, teu kudu diet, gampang atuh, ”Ceuk kuring bari nyerengeh.
‘’Kumaha kitu Pa,?”Pamajikan melong panasaran.
“Satujuan we Bapa rek nyandung, di jamin dua bulan ge langsing,”Ceuk kuring bari ngaleos ka kamer.
Hawar-hawar kadenge pamajikan kukulutus.

-TAMAT-


#SCS_CARPON_DS






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

CARPON ( CARITA PONDOK )

HAMPURA AKANG!

  HAMPURA AKANG! Yasa : Didih Setiadi Hiji waktu Kuring dititah nyérpis hiji imah ku dunungan, wayahna kudu mondok moék, da pug...

PEPELING